Deskripsi:
Florence Nightingale téh saurang mojang ti kulawarga
beunghar anu miboga impian béda ti babaturanana.
Ti leuleutik, manéhna teu resep pésta atawa baju
méwah, tapi hayang pisan ngabantu jalma-jalma gering
jeung sangsasar. Sanajan kolotna ngalarang kusabab pagawéan
perawat dianggap kotor jeung teu terhormat
dina jaman éta, Florence teu nyerah. Manéhna tungtungna
diijinkeun diajar di hiji rumah sakit di Jerman, di mana
manéhna loba diajar ngeunaan pentingna karesihan
jeung cara rawat pasén kalawan hadé.
Nalika perang gedé lumangsung di Krimea, loba
tentara anu tatu jeung sakarat di rumah sakit anu kotor
pisan. Florence, kalawan kawanina, indit ka ditu jeung 38
perawat séjén. Manéhna digawé beurang peuting, ngabersihan
imah sakit anu pikasieuneun éta, jeung rawat
para tentara kalawan pinuh kanyaah. Kusabab manéhna
sok mawa lampu nalika mariksa pasén dina peuting, para
tentara nyebut manéhna “ Sang Widadari Nu Mawa Lampu
“. Ku lantaran gawé sosonna, imah sakit jadi beresih,
loba tentara cageur, jeung Florence hasil ngarobah cara
dunya némpo pagawéan juru rawat jadi profési anu mulya.
Manéhna malah ngadegkeun sakola parawat kahijina
di London.