Deskripsi:
Pa Lebai boga poé nu istiméwa—atawa malah poé
nu paling ngabingungkeun dina hirupna! Bayangkeun,
lalaki nu bageur éta narima dua ondangan pésta dina
poé nu sarua. Hiji pésta di hulu walungan kalayan
dagingna loba, hiji deui di girang walungan kalayan
asakan nu ngeunah. Ah, pilihan nu hésé! Naha anjeunna
kudu milih nu loba atawa nu leuwih ngeunah?
Bulak-balik ngadayung, Pa Lebai tuluy cangcaya
jeung ngaganti kaputusanana. Tapi, naon nu kajadian
basa anjeunna tungtungna nepi? Naha anjeunna
ngararasakeun pésta jeung mulang bari beuteung
seubeuh? Atawa anjeunna malah ngalaman poé nu
paling apes dina hirupna?
Tuturkeun carita lucu “Pa Lebai nu Sué”, hiji carita
pinuh pangajaran ngeunaan pentingna milih kaputusan
saacan sakabéhna elat! Tapi ati-ati! Ulah nepi anjeun
lila teuing mikir siga Pa Lebai, nya. Kusabab bisa jadi,
anjeun malah teu meunang nanaon!